SANGHYANG JEUNG DANGIANG


Hari ini saya mau berbagi cerita wayang sunda dengan sobat. Kebetulan ini adalah tugas Basa Sunda saya yang rasanya sayang kalau tidak dibagi dengan sobat semua karena ketika mencarinya saya di internet saya mengalami kesulitan. Semoga ini bisa membantu sobat. :D
Mungguh timbangan Prabu Baladéwa, hiji-hijina manusa nu nyegah peperangan, raina nyalira nya éta Batara Kresna. Saéstuna anjeunna henteu niat nolak gurat-kodrat Hyang Déwata. Ning gara-gara Pandawa jeung Kurawa bebengkahan, kaayaan alam dunya sagemblengna milu harénghéng. Papaséaan henteu aya eureunna. Panyakit sarakah nerekab ka mana-mana. Tungtungna silih caplok, silih goréngkeun, jeung silih kakalakeun. Demi korbanna saha deui upama lai  kaom lemah mah, rahayat leutik cacah kuricakan.

“Kuduna mah Kresna ti heula apal. Tapi buktina bodo balilu nataku. Teu bisa maca kaayaan alam dunya . Matak ti batan digugat ku batur, mending ku aing dulur saluhureun. Detik ieu kénéh geura écagkeun éta gelar batara!” ceuk Baladéwa.
“Hatur pangapunten Kakang Prabu, gelar nu dicangking ku tuang rai éstuning paparin déwa. Janten teu tiasa diécagkeun kitu baé. Sagala rupina gumantung ka kersa déwa. Hususna Hyang Otipati Jagatna Batara Guru Raja Triloka.”
Mun teu kitu buktikeun atuh, yén jelema nu ngaran Kresna téh enya-enya wawakil déwa di dunya. Saluyu jeung sesebutanana: Sri Batara Kresna.”
“Dupi carana?”
“Supaya alam dunya tengtrem ayem, dangiang jeung sanghyang kudu ngahiji!”
“Maksadna?”
“Resi Dorna ulah aya di Astina. Teuing kumaha carana, sina pindah ka Amarta!”
Ngadangu kasauran ingkang raka Baladéwa, Kresna ngahuleng sakedapan. Sababaraha kali naros jero manah, walereun anjeunna nyalira: naha atawa semet kayakinan tuang raka. Tapi boa enya, gerentesna. Buktina Pandawa jeung Kurawa, hésé pisan diakurkeunana. Mun lain kawas ucing jeung anjing, lir cai jeung minyak. Moal bisa dihijikeun.
Kitu-kitu émutanana gentos cangcaya. Naon patalina antara gelar anugrah paradéwa jeungkalakuan paraputuna Bharata. Duanana masing-masing. Nya kitu deui rupaning kajadian marcapada, kénéh-kénéh kersaning Jagat Déwata. Paralun gara-gara sanghyang jeung dangiang papisah béda nagara.
“Kumaha Kresna, sanggup atawa henteu? Mun teu sanggup, geura écagkeun ayeuna kénéh gelar batara,“ tambih dibarung tutunjuk sagala.
“Sanés soal sanggem atanapi henteu. Namung naha leres pangna alam dunya gétréng harénghéng téh, gara-gara Sanghyang Ismaya (Semar nu ayana di Karang Tumaritis) jeung Dangiang Dorna (anu aya di Sokalima, Astina) papisah béda nagara?”
“Tong bulat-beulit, sanggup atawa henteu?”
“Sakali deui pangapunten, rupina tuang rai moal tiasa nyumponan kapalay salira.”
“Teu nanaon. Ngan sing boga kaéra. Jeung ulah hayang dipaksa, ayeuna kénéh écagkeun gelar batara ka Kresna. Leuwih hadé Kresna ulah aya di dunya.”
“Aéh-aéh naha jadi ka dinya léosna, “ saurna, Kresna kagét ningali Prabu Baladéwa langsung ngagegesek dampal panangan kiwa jeung tangen.
“Nanaonan Kakang éta téh,” niatna badé ngahalangan laku rakana. Hanjakal elat, margi tina dampal panangan Prabu Baladéwa, kabujeng bijil cahaya pikaserabeun. Disusul burinyayna tanda pakarang sakti Nenggala, sumping nyumponan pangangkir dununganana.
“Keur pamungkas, sanggup atawa henteu, ngahijikeun sanghyang jeung dangiang?” kituna téh bari nonjokkeun congo Nenggala kana lebah dada Kresna.
Kantenan Kresna tambih reuwasna. Sageuy anjeunna teu uninga, kumaha kasaktian Nenggala. Sakilana dilempagkeun, ulah ku katibanan langsung, sanajan ukur kaliwatan, gunung urug sagara saat. Batu ancur, tatangkalan rarungkad. Anu mawi mééh sok masihkeun éta pakarang, Prabu Baladéwa dipeupeujeuhan, sangkan ulah ngagunakeun sadaékna. Tapi pikeun mayunan karaman jahat, nu teu teurak ku pakarang séjén, Nénggala kakara meunang dipaké.
“Kakang nanaonan ieu téh? Simpen deui. Kumaha mun tuang rai janten korban!”
“Naon gunana Kresna hirup. Batan diwiwirang ku batur, dianggap Batara ukur ngaranna, mending dipaéhan ku aing lanceukna. Iwal sanggup ngahijikeun sanghyang jeung dangiang!”
“Simpen heula pakarangna,” Kresna ngawitan bingung, kedah kumaha ngalelemah ingkang raka. Rék lumpat ka mana, geus teu aya kasempetan. Tungtungna, “Kakang ampun Kakang.”
“Jangji heula rék sanggup ngahijikeun sanghyang jeung dangiang?”
*****
Caturkeun di Jonggring Salaka Kadéwan, Hyang Otipati Jagatnata, teu kirang-kirang reuwas sareng hariwangna, ngabandungan kalakuan dua putra Basudéwa.
“Emh … dasar Ki Narayaka (jenengan Baladéwa waktos tacan sawawa) kalakuan téh, mindel lebeting manahna. Ku anjeunna jol kajudi, bakal kumaha jadina, saupami Baladéwa ngalaksanakeun niatna, padahal pan tugas Kresna téh panjang. Di antarana jadi saksi perang Bhatarayuda jaga.”
Sabot kitu katingal aya nu nu sumping, bari celak-celuk ti jauhna:
“Adi Guru …. Adi Guru … tiwas ….tiwas ….Adi Guru,” sidik soanten Hyang Narada Kabayan Déwa.
Bagéa Kakang,” Hyang Guru ngabagéakeun nu sumping.
“Moal panjang misaur, naon nu kedah dilakukeun ku Akang ayeuna?” cenah semu haruhah-haréhoh.
“Buru-buru lungsur ka Marcapada, bilih kabujeng duana ilang wiwaha. Émut di Kresna aya cakra. Dina kadéséhna piraku teu sami nékadna. Upami dugi ka kitu, dunya bakal kiamah jadina.”
“Nya éta nu mawi Akang rurusuhan nepangan téh,” langsung mundut widi seja ngajalankeun tugas, salaku Kabayan Déwa.
Naon nu dipikahariwang ku Batara Guru sareng Narada, ampir-ampiran ngawujud. Ngaraos kulak canggeum bagja awakna, sasat aya dina dampal panangan rakana, Kresna kapaksa ngetrukkeun élmuna. Batan jadi caduk Nenggala, leuwih hadé ngaluarkeun pakarang nu teu kurang saktina, nya éta panah Cakra Wijaksana. Kumaha onam Nenggala, sakalina dipentangkeun paralun mulang natambuh.
Malah cakra mah aya langkungna. Ulah sina ngancurkeun alam du nya, malah alam kadéwataan bisa rata.
“Nyaan Kakang téh rék téga?” sasauranana robih janten rada kasar. Éta cirina Kresna ngawitan teu kiat nahan amarah.
“Maké teu téga. Jang nanahaon gableg adi nyangking gelar batara, tapi dipeto sina ngahijikeun sanghyang jeung dangiang baé teu metu. Pokona titis tulis ti ajali, gurat kodrat ….” cenah teu kebat. Sabab katingal Kresna nepak dada palih kénca. Sarta harita kénéh alam dunya teu pupuguh poék mokléng, méméh muncul cahaya gumilang. Disusul aya sora handaruan, badis tujuh gunung bitu, ditambah sagara bengkah.
Tegas Baladéwa parantos enya nékadna. Matak panangtang Tuang Rai Sri Batara Kresna, moal rék dipanglumpatkeun. Nénggala siap pisan dilempagkeun, waktos kadangu soanten Panji Narada:
“Aéh-aéh …. nanaonan Narayaka-Narayana,” saurna, buru-buru lumungsur ti langit pingpitu.
Abong kasauran déwa, dua satria nu tadina parantos ilang wiwaha, lir nu saré dihudangkeun. Éling teu sakara-kara.
“Hayoh asupkeun deui éta pakarang!”
Sorot soca Batara Narada, sageuy teu aya matakna. Duanana kawas munding dicocokan irungna, jol anu manut sakumaha pamundut Kabayan Déwa. Nenggala jeung Cakra balik deui kana tempatna. Alam dunya katut eusina teu tulus jadi korban dua gegeman linuhung lungsuran déwa.
“Nanaonan ari manéh Narayaka?” saurna ka Baladéwa.
“Ah, da maksudna gé ukur nyingsieunan,” bébéléhéman.
“Nyingsieunan ngarah naon?”
Baladéwa teu ngawaler. Nya kitu deui Kresna, cekap tumungkul tawis nyanggakeun sembah hormat. Ongkos teu diwaler. Piraku teuing harkat déwa, maké teu apal asl-usulna.
“Sanghyang jeung dangiang mémang ngahaja dipisahkeun. Hartina moal ngalalakon bisa dihijikeun. Atuh ari ngahiji mah, perang Bhatarayuda téh kana bolay. Da apan gara-gara Aya Dangiang Dorna, Kurawa ngarasa nguntup kana wewesen para Pandawa. Maranéh nyaho kumaha balukarna upama Bhatarayuda nepi ka bolay?”
Duanana angger teu ngawaler. “Lian ti harkat déwa bakal ruksak, kagoréngan bakal leuwih langgeng ngawasa alam dunya!
****
Dicutat tina: Majalah Manglé No.2150
Carpon Wayang Ki Jatnika
Sumber : Mustika Basa KelasXI


Post a Comment

0 Comments